Fenomena Kiwari (dalam bahasa Sunda)

Fenomena Kiwari (dalam bahasa Sunda)

Fenomena Kiwari (dalam bahasa Sunda) diambil dari WA saat ied fitri 1437 H
Fenomena Kiwari (dalam bahasa Sunda)
Fenomena Kiwari (dalam bahasa Sunda)

mugia janten nasehat pikeun urang sadaya

'Hirup tapi siga mayit'
nganjang bari ngorek hape
ngaji bari ngorek hape
nampi tamu bari ngorek hape
digawe bari ngorek hape
diajar bari ngorek hape
dahar bari ngorek hape
ngariung jeung kulawarga bari ngorek hape
mun teu panggih jeung hape cigana kiamat dunya maneh 
sakapeung katempo anu diuk paduduaan teu carek teu carita sama sakali kulantaran duanana sibuk ngorek hape ,sakalieun nyarita ahirna aya teu nyambung tuluy muncul sikep teu paduli 
boga masalah lainna datang nyampeurkeun kulawarga nu deukeut,tapi leuwih dibahas di sosmed majar teh leuwih afdol
manusa jadi 'Aya wujud tapi euweuh'
jasad jasad geus jadi ririwa anu lumampah ... hirupna ngan saukur sabudeureun dunia ponsel 
silaturahmi amprok jonghok bari sasalaman paantel leungeun leungit diganti gambar gambar paeh dina ponsel
hebatna usik malik lalampahan gerak waruga geus diganti ngan saukur ngusikkeun curuk jeung jempol
waruga mimiti rempo , loba pahala nu hiber sia sia teu kaala mangrupa rasiko panggorengna nu mungkin bakal kapimilik
sedengkeun anjeun teu kamana mana jeung teu ngalakukeun nanaon salain ti ngusikkeun curuk jeung jempol kana layar leutik nu pinuh sihir eta
hirup jeroning kamaotan eta mangrupa kaniscayaan ,,tapi Maot jeroning hirup mangrupa pilihan 
cik atuh hudang euy 
hirup sakumaha manusa hirup
mangsa caroge/bojo datang , simpen heula hape anjeun !
mangsa budak cumarita ,simpen heula hape anjeun!
mangsa kolot ngajak nyarios , simpen heula hape anjeun!
mangsa kaanjangan tamu , simpen heula hape anjeun!
mangsa imah beresaneun , simpen heula hape anjeun!
Jrrd
perhatikeun dunya hidep ,sabab nikmat Illahi aya di alam nyata sabudeureun anjeun
hudang... hudang.... hirup cuy......
anjeun can maot tapi geus ngalampah siga mayit

semoga bermanfaat

0 Response to "Fenomena Kiwari (dalam bahasa Sunda)"

Posting Komentar

Assalamualaikum,,,,
Silahkan rekan-rekan berikan komentar, saran, maupun ide yang membangun
Terimakasih untuk sapaan rekan-rekan...